(Agus jeung Koko keur guntreng bae ngawangkong di saung ronda, ngariung durukan bari diharudum sarung.)
Koko : Wayah kumaha ieu, teh?? Mani asa jarempling kieu.
Agus : (Bari nempo kana arlojina) Wah, sore keneh, kakara jam dua belas!
Koko : Mun teu era ku Pa RT mah hoream ngaronda teh. Pedah batur galujrud. Ti barang Sii Juned tukang sate tea maot ngagantung maneh, cenah sok aya nu nenjo... iiiyyyy.. (Ngabirigidig sieun.)
Agus : (Semu nyentak) Laaah, didenge teuing! Omongan jelema borangan nu kitu mah!
Koko : Ih, maneh mah teu percaya. Sidik rea nu manggihan cenah. Dina tangkal nangka urut Sii Juned ngagantung maneh tea, cenahsok aya makhluk nu ngagulawing... iiiyyyy... (Ngabirigidig sieun.)
Agus : Ari maneh ceuk saha, Sarko??
Koko : Ceuk Sii Kesih!
Agus : Enya cenah Sii Kesih nenjo nu ngagulawing??
Koko : Lain Sii Kesih nu nenjo mah. Sii Kesih mah cenah ceuk Bi Cioh. Bi Cioh ceuk Mang Omod. Mang Omod ceuk...eu...eu...
Agus : Mang Omod ceuk embe! Hahahaha! Meugeus, ulah nyaritakeun nu kitu! Barina ge uing teu percaya. Anggur nyiar kadaharan, Ko! Beuteung uing mah geus kukurubukan bae ieu teh!
Koko : Ih, nyiar kadaharan ka mana sakieu tengah peutingna!
Agus : Nya ka mana we, da urang ngaronda teh kudu nepi ka subuh meureun. Piraku rek ngantep beuteung lapar?
( Keur kitu ti kajauhan kadenge sada tukang sate. Koko jeung Agus caruringhak ngadedengekeun. Koko luncat ka garduh. Awakna ngadegdeg bakat ku sieun. Ari Agus riukna malah kawas nu atoh.)
Koko : (Sorana ngageter) Cilaka, Sagus, Urang Cilaka! Moal salah, eta teh........
Agus : (Semu nyentak) Cicing, Sarko! Maneh mah sok nu lain-lain. Tukang sate nu sok dagang ka dieu teh apan loba. Kabeneran euy, sakieu keur laparna. Maneh boga duit, Ko??
Koko : (Angger sorana ngageter) Heunteu, aing saperak oge heunteu boga! Sudi teuing meuli sate, najan boga duit oge!
Agus : Ih, maneh mah ngadon nyiksa beuteung sorangan. Kumaha atuh, nya?? Mangkaning beuteung beuki ngurubuk kieu! Bakal dibere kitu lamun menta??
Koko : Pek we samperkeun ku maneh ka ditu, Sagus!
Agus : (Hulang-huleng bangun aya nu dipikiran.) Kieu we atuh. Maneh teu boga duit, uing ge sarua keur boke. Tepi beuteung lapar, lin? Kumaha mun urang singsieunan wae eta tukang sate teh. Urang api-api jadi jurig. Menta oge bakal dibere lamun kitu mah. Maneh satuju, Ko??
Koko : Embung! Uing mah rek cicing wae di dieu. Pek we maneh sorangan!
Agus : (Semu ambek) Sarko! Naha ari maneh ber borangan-borangan teuing?? Kudu sapapait samamanis atuh! Piraku uing ngadahar sate ari maneh ngadahar cakcak?? Hayu, ah! (Leungeun Koko dikenyang.) Sok urang dangdan heula.! Beungeut urang boborehan, euy! Tah, ku kapur tina bilik garduh ngarah bodas. Panon urang hideungan ku areng. Ke sarungna dikudungkeun.
(Agus tuluy ngaboborehan beungeutna ku kapur. Kongkolak panonna dihideungan ku areng. Koko ge kapaksa nurutan lantaran dipaksa ku Agus. Rup sarungna pada-pada dikukudungkeun\. Bleg bae rurupaanana kawas jurig jarian. Duanana tuluy ngajaranteng nyegat tukang sate. Barang tukang sate geus tepi ka buruan garduh, leungeun Agus gugupay, ngeureunkeun.)
Agus : (Sorana ditengekkeun semu ngirung, nyingsieunan.) Mang, sate dua pincuk!
(Tunkang sate ngecegkeun tanggungan, tapi jempling bae teu nembalan. Sirahna tungkul bari beungeutna karungkup ku kupluk. Barang tukang sate nembongkeun beungeut, breh katempo panonna bolong. Agus jeung Koko ngagoak bari tutunjuk.)
Agus : Ju...ju...ju...Juneeeeed!! Juriiiiig!! Juneeeeed!! Juriiiiig!!
Koko : Jurig Juneeeeed...!! Juned Juriiiiig...!! Tuluuuuung!! Aya Juriiiiig!!
Rizka Ismi Khoiriah
VI-B










